contoh bewara bahasa sunda
Assaalammualikum wr wb
Kali ini saya akan membagikan contoh bewara, nah mungkin ada yang belum tau apa bewara itu? mari simak sedikit penjelasannya
Bewara teh nyaeta hiji hal anu sifatna penting pikeun ditepikeun ka balarea anu eusina mangrupa warta atawa berita wawaran, ajakan, iklan, promosi jeung sajabana.Biasana eusi dina bewara teh ngawungku ngarang kagiatan barang anu bewarakeun,tempat jeung waktu kagiatan,tujuan bewara jeung susunan kapanitiaan.
Nah sekarang saya akan memberikan 2 contoh, semogabermanfaat
Conto ka-1
Mieling poe proklamasi
Assalamualaikum.wr.wb
BĂ©wara kanggo sadaya siswa-siswi SMPN 1 TANJUNGSARI, OSIS SMPN 1 TANJUNGSARI bade ngayakeun lomba-lomba SMPN 1 TANJUNGSARI kanggo mieling poe proklamasi kamerdekaan Indonesia, aya sababaraha lomba anu bade diayakeun, di antawisna Lomba balap karung, lomba tarik tambang, lomba ngalebetkeun paku kana botol, lomba newak lauk jeung rea keneh nulainna. Insyaallah kagiatanna di bade di laksanakeun dina :
Waktos : Salasa, 18 Agustus 2014
Tabuh : 07.00 s/d rengse
Tempat : SMPN 1 TANJUNGSARI
Ka tiap-tiap kelas diantos wawakilnati tiap- tiap lomba, hayu urang ramekeun kanggo mieling poeproklamasi sarta ngahargaan kana jasa jasa pahlawan, hatur nuhun ..
Wassalamualaikum.wr.wb
Sumedang, 10 Agustus 2014
Pupuhu Girang serat
Anggia MRafli
Conto ka-2
Boga duit teh, ulah diteundeun wae, da moal anakan !!!
Barudak!...,
Mirah pisan piknik ka kawah darajat,
Cekap ku lima lembar sapuluh rebuan,
Dijamin aman, meriah, sareng halal.
Angkatna, kaping 25 Desember 2013,
Tabuh 07.00 wib kedah tos kempel,
Kempelna di payuneun masjid jamie at-taufiq,
Engke urang sasarengan ka lapang haurngombong.
Enggal gera daftar ka sekretariat di DT at taufiq,
Bakal ditampi ku mojang imut-imut,
Imam - Adi - Indra – Dias.
Kanggo informasi langkung lengkep
Hubungi wae Imam di 085603080947
Post a Comment for "contoh bewara bahasa sunda"