Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh biografi dalam bahasa sunda

Contoh biografi dalam bahasa sunda


BIOGRAFI PUN  BIANG

            Ngaran lengkepna Ida setiawati, panggil welah Ibu Ida, wasta bapana Maman suparman, upami mamahna mah wastana Unuh, dedegan pun biang mejeuhna ; teu jangkung, teu pendek, umurna tos nincak 40 taunan.
            Padambelan sadidintenna nyaeta ngurus kulawarga. Enjing-enjing anjeunna ngawulang di  PAUD. Pasisiang anjeunna ngawulang di   MADRASAH DINIYAH,  nu kaleresan teu tebih ti bumi abdi. Madrasah sareng PAUD tempatna ngahiji eta-eta keneh, nu tempatna digigireun  bumi. Enjing-enjing dianggo murangkalih PAUD, siang dianggo murangkalih madrasah.
Nu matak raos we, eta mah didambel teh etang-etang nganggur we saurna teh. Upami wengi  oge anjeunna sok ka Masjid ngabantosan punbapa, nu kaleresan anjeunna teh dipercanten ku warga kanggo ngurus sareng janten imam masjid, sareng ngurus   Madrasah. Atuh punbiang teh sok ngabantosan ngawurukkan ngaos barudak. Masjidna oge sami caket mung kahalangan ku sabumi.
Punbiang ge sering pisan ngagentosan tugas punbapa, ngawurukkan ngaos barudak teh nyalira. Paling dibantosan ku abdi sareng santrina punbapa. Margi punbapa mah sering pisan tugas ka luar kota. Malihan sok rajeun ngalebetan ceramah (pangaosan ibu-ibu), upami punbapa nuju teu aya.
Nu puguh mah punbiang teh sadidintenna sigana teu aya lirenna, ti enjing-enjing ka PAUD, teras siangna ka Madrasah, wengina ka mesjid. Teu acan ngurus bumi mah sareng kulawarga, nyaeta diantawisna abdi nu kedah dikawulaan wae.  
 Punbiang ngagaduhan wargi hiji pameget. Saleresna mah wargina teh 3 mung tos ngarantunkeun janten mung kantun hiji. Anjeunna lahir ti kulawaga patani biasa.
            Punbiang teh lahir di Sumedang, 6 Agustus 1973. Anjeunna mimiti sakola di SD HAURNGOMBONG III, nyaeta di dusun Lapang, Desa Haurngombong. Teras anjeunna neraskeun sakolana ka SMPN 1 TANJUNGSARI, tempat abdi ayeuna sakola. Anjeunna pernah diguruan ku guru anu ayeuna masih keneh ngajar di SMPN 1 TANJUNGSARI, diantawisna ; Pa Dudi, Pa Muzmar, Pa Dwijo, sareng Bu Eni. Rerencangannana oge aya, anu ayeuna janten petugas diperpustakaan, nyaeta Ibu Nia Huristiani.
            Saleresna waktos anjeunna sakola di SMP kantos ngalih heula ka kota Banten, kumargi ngiring ngalih ka pun nini. Tempat sakola anjeuna di Banten teh SMPN CIGEULIS. Tempatna lumayan raoseun margi caket pisan ka laut. Janten pami nuju bebas atanapi uih rada tereh sok ngadon ameng heula di sisi basisir, ngadon ucing-ucingan, lulumpatan bari babaseuhan. Atuh dugi ka bumi teh sok diseuseulan ku pun nini.
           
Waktos sakola di SMPN CIGEULIS, punbiang kaleresan diwulang ku rerencanganana Pa Dwijo, anu wastana Pa Entis Sutisna, guru Matematika sareng Pramuka.
 Nanging punbiang sareng punnini  di Bantenna teu lami mung 4 sasih. Anjeunna teras sakolana ngalih deui ka SMPN 1 TANJUNGSARI. Teu patos terang naon alesannana mung anjeunna nyebatkeunna mah teu betah saurna teh, sakola di Banten mah masih keneh kampungan saurna teh.
            Anjeunna kantos ngalalakonkeun salami aya di Banten. Waktos harita punbiang di sakolana janten murid anu pangpinterna. Anjeunna janten juara kelas. Da saleresna mah nuju di SD-na oge anjeunna juara kelas wae ti ngawitan kelas I dugi ka kelas VI oge.
            Kumargi tempatna di padataran sareng caket pisan ka laut, upami nuju usum hujan teh, komo pami hujanna teras-terasan mah di lembur teh sok kabanjiran. Atuh angkat ka sakola teh nganggo heula acuk bebas sapatu dikeresekkan. Teras di gentos di bumi wargi  nu kaleresan tos caket ka sakola sareng  tos teu kabanjiran margi tempatna rada di luhur.
            Waktos ngalih deui ka SMPN I TANJUNGSARI punbiang kacida reuwaseunana, margi elmu pangaweruhna janten turun. Kamungkinan kumargi pan tadi ge diluhur dicarioskeun sakola di SMPN CIGEULIS mah masih keneh kampungan, janten barudakna oge karampungan nya atuh punbiang teh nyongcolang jadi murid anu pangpinterna. Ari ngahiji deui sareng budak kota mah nya kaelehkeun deui atuh anjjeunna teh.
Saparantosna tamat sakola di SMPN  1 TANJUNGSARI, anjeunna neraskeun sakola ka SMAN  TANJUNGSARI, salami anjeunna sakola, jarang naek kandaraan, anjeunna sok leumpang motong jalan ka Ranjeng, margi memang nu sanes oge nyakitu sok parapah, janten ngabring rame pisan. Paling-paling pami angkatkeun mah osok naek angkot, margi sieun kasiangan, tapi sok kabagean angkot doyok wae, mayarna ukur Rp 50.
            Tamat sakola di SMAN TANJUNGSARI, anjeunna teu neraskeun sakola kamamana deui, Henteu sapertos rerncangannana anu neraskeun ka perguruan Tinggi. Saurna mah karunya ka pun nini teu aya kanggo ngabiayaannana.
Salami eta anjeunna sok mantuan punnini we ka kebon atanapi ka sawah, ngingiring tani, melak cabe, melak tomat sareng nu sanesna. Tapi anjeunana midambelna kalawan hate gumbira we teu kapaksa.
Kantos   anjeunna teh sakedap didambel di pabrik CORN, paranti ngagulung kaen. Anjeunna dambel di Pabrik sareng pun uwa.. Kumargi teras nikah anjeunna teras kaluar ti padambelannana.. Nu saterasna ngagaduhan murangkalih 2 pameget wungkul. Nyaeta abdi anu nuju sakola di SMPN I TANJUNGSARI, Hiji deui mah pun adi wastana Faishal Azhar, anjeunna nembe bade lebet ka SD taun ieu.
       

Pun biang teh, bageur pisan ka abdi, upami abdi ngagaduhan tugas nu hese, anjeunna sok mantuan, sareng upami teu mantuan oge, anjeunna sok ngantosan abdi dugi ka beres ngerjakeun tugas. Sanaos anjeunna teh sering pisan ngaraos jengkel ka abdi, margi panginten biasa kitu ari barudak mah hoyongna teh ameng we sapertos abdi, atanapi maen game, tapi anjeunna tetep sabar.
           


1 comment for "Contoh biografi dalam bahasa sunda"

  1. Top 10 Casino Apps - Casinoworld
    In this section apr casino we'll walk you deccasino through our selection of top casino apps, and hopefully you'll find plenty of 바카라사이트 useful information on the top How do 바카라 사이트 you use PayPal?Are งานออนไลน์ there any deposit bonuses at your casino?

    ReplyDelete